Milangkala Polwan Ka-72 di Usum Covid-19 Kapolres Majalengka Mingpin Syukuran Sacara Virtual

1 September 2020, 15:03 WIB
Milangkala Polwan Ka-72, Kapolres Majalengka Mingpin Syukuran Sacara Virtual, di Aula Sindangkasih, Polres Majalengka, Salasa (1/9/2020). /Ayang R Sambara

PORTAL MAJALENGKA - Sajarah kalahiran Polisi Wanita (Polwan) di Indonesia teu jauh beda jeung proses kalahiran  Polisi Wanita sejenna, nu ngalaksanakeun tugas dina nyanghareupan sarta panalungtikan kasus kajahatan nu ngalibetkeun kaum wanita, boh korban pon kitu deui palaku kajahatan.

Polwan di lndonesia lahir 1 September 1948, di Kota Bukittinggi, Sumatra Barat, nalika Pamarentah Darurat Republik Indonesia (PDRI) nyanghareupan Agresi Militer Belanda ll.

Dimana kajadian pangungsian gede-gedean, lalaki, awewe, oge budak ninggalkeun padumukanana pikeun ngajauhan pangperangan.

Baca Juga: Keterkaitan Kodasari dan Nunuk Maja

Pikeun nyegah kajadian panjahat nyamuni saru jeung masarakat, panyusup kudu dipariksa ku pulisi.

Anapon kitu pangungsi awewe teu daek dipariksa boh kitu deui digaradah sacara langsung ka awakna ku pulisi lalaki.

Pikeun  nyiar jalan kaluar masalah eta, Pamarentah Indonesia marentahkeun SPN (Sekolah Polisi Negara) Bukittinggi pikeun muka "Pendidikan Insfektur Polisi" kaum awewe.

Baca Juga: Munjul dan Penyerangan Pasukan Mataram ke Batavia

Sarengsena ngaliwatan seleksi kapilih 6 (genep) urang mojang nu sakabehna teureuh Minangkabau oge asalna ti Ranah Minang nyaeta; Mariana Saanin Mufti, Nelly Pauna Situmorang, Rosmalina Pramono, Dahniar Sukotjo, Djasmaniar Husein, jeung Rosmalia Taher.

Baca Juga: Desa Cibentar, Asal Kata dari Cai dan Bentar

Syukuran Sacara Virtual

Mieling HUT Polwan ke 72, jajaran Polwan Polres Majalengka, Kapolres Majalengka AKBP Dr.Bismo Teguh Prakoso, bareng Ibu Asuh Polwan Polres Majalengka Ny.Widya Bismo Teguh Mingpin kepagiatan syukuran di Aula Sindangkasih Polres Majalengka, Salasa 1 September 2020.

Acara syukuran yang diluuhan, Kabag Sumda KOMPOL M.Gozali,S.H, Kabag Ren KOMPOL Cucu Supiar, Perwakilan Pangurus Bhayangkari, jeung rengrengan Polwan Jajaran Polres Majalengka.

Milangkala Polwan ke 72 taun 2020 kiwari, temana "Polwan Siap Mewujudkan Kamtibmas Kondusif Masyarakat Semakin Produktif".

Baca Juga: Jalan Raya Berlubang dan Rusak, Pemda Tegaskan Pihak Industri Ikut Bertanggungjawab.

Dina raraga mieling Milangkala Polwan ke-72, AKBP Bismo Teguh Prakoso mingpin langsung pamotongan tumpeng salaku rasa syukur oge mere motivasi ka rengrengan Polwan sangkan leuwih ngadegeun Polri nu promoter.

Kagiatan dimimitian ku syukuran virtual nu disiarkeun langsung ti Mabes Polri jeung diteryskeun pamotongan tumpeng dipasrahkeun ka Nrp senior sarta pangngorana.

Kapolres Majalengka AKBP Dr.Bismo Teguh Prakoso,S.H.,S.I.K.,M.H., dina sambutanana ngawilujengkeun selamat Milangkala Polisi Wanita ke-72 pikeun srikandi-srikandi Polwan Polres Majalengka.

Baca Juga: Uang yang Dikasih Djoko Tjandra ke Jaksa Pinangki Melalui Orang Ketiga

Nyaeta wanita wanita pilihan nu nyangking kalungguhan sarta mibanda peran penting dina raraga tugas kapulisian.

"Wilujeng Milangkala Polwan Ke-72, pamugi Polisi Wanita (Polwan) Indonesia langkung maju sarta tohaga, oge sainyana jadi Insan Bhayangkara nu siap berkarya melindungi, mengayomi, dan melayani masyarakat oge Nagara Indonesia," ceuk Kapolres Majalengka.***

Editor: Andra Adyatama

Tags

Terkini

Terpopuler