Bupati Majalengka Masrahkeun Bantuan Kandaraan Oprasional ka Rumkintan

- 31 Agustus 2020, 13:43 WIB
Bupati Majalengka,  DR. H. Karna Sobahi , M.M.Pd.,  masrahkeun saunit bantuan kandaraan operasional ka Dinas Perumahan Kawasan Permukiman dan Pertanahan (Rumkintan), di pakarangan Pendopo Kabupaten Majakengka, Senen (31/08/2020).
Bupati Majalengka,  DR. H. Karna Sobahi , M.M.Pd.,  masrahkeun saunit bantuan kandaraan operasional ka Dinas Perumahan Kawasan Permukiman dan Pertanahan (Rumkintan), di pakarangan Pendopo Kabupaten Majakengka, Senen (31/08/2020). /Ayang R Sambara

PORTAL MAJALENGKA - Taman nu aya di Kabupaten Majalengka perlu dikokolakeun sarta dipapaes sangkan katingal hegar tur aya mangpaatna pikeun oksigen nu dibutuhkeun ku masarakat sakumna.

Bupati Majalengka,  DR. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., masrahkeun satu unit bantuan kandaraan operasional ka Dinas Perumahan Kawasan Permukiman dan Pertanahan (Rumkintan). Bantuan sumberna tina  anggaran APBD eta dipasrahkeun  pikeun pangrojong mapaes tur ngaropea taman nu aya di Majalengka.

Bantuan kandaraan operasional pikeun ngàropea taman eta dipasrahkeun langsung Bupati  Majalengka, DR. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., ka Kapala Dinas Rumkintan, Hj. Roppedah, S.Pd., MM., di pakarangan Pendopo Majalengka disaksian ku Sekda Majalengka, Drs. H. Eman Suherman, MM.,  Senen 31 Agustus 2020.

“Pamarentah Kabupaten Majalengka saestuna ngupayakeun bantosan  mangrupi pengadaan kandaraan operasional salaku pangrojong kinerja Dinas Rumkintan dina migawe tur ngaropea taman,” ceuk H. Karna Sobahi

Anapon kitu, Bupati Karna  pikeun kamajuna  ngeuyeuban  spot-spot taman nu aya di Majalengka, dibutuhkeun  pangropea nu hade.

“Simkuring miharep ku ayana panambahan mobil operasional pikeun penyemprotan taman iyeu tiasa  ngokolakeun sarta ngaropea taman nu aya di Majalengka,” ceuk Bupati Karna.

Salian eta, bupati oge netelakeun Pemkab Majalengka kiwari  keur  usaha satekah polah sarta nyairkeun bantuan sarupa ka tiap dinas sejenna. Saperti di  antarana Dinas Pol PP jeung Damkar.

“Kandaraan operasional Damkar bakal ditambih. Dipiharep kandaraan operasionalna aya di wewengkon kidul, tengah oge kaler Majalengka," cuk Karna.

Pon kitu  deui nalika aya  kajantenan kahuruan di salah sahiji ti tilu kawasan eta bakal gancang kapirosea sabab daya jangkauna gancang,” pokna.

Halaman:

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Pemilu di Daerah

x