Berjoang Pikeun Lemah Cai Banjar Karang Pamidangan

- 28 Agustus 2020, 06:00 WIB
Rika Hasanah Damayanti Sambara
Rika Hasanah Damayanti Sambara /Portal Majalengka/

PORTAL MAJALENGKA - Berjoang jaman penjajahan saestuna ngagunakeun senjata pestol atawa bambu runcing (awi seukeut).

Lain halna kiwari geus medeka, berjoang ku ngeusi kamerdekaan ku kamonesan sewang-sewangan.

Ketua Sanggar Kréatif Saembara Kabupatén Majalengka, Rika HD Saémbara, S.STr., (Sarjana Seni Terapan Program Tv & Film), lulusan Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung, nyebutkeun generasi ngora kudu tandang dina "Majalengka Kota Wisata jeung Penerbangan".

Baca Juga: Masuk Zona Akselerasi Pembangunan Ekonomi Nasional, Majalengka Akan Punya Perda RDTR

Dina guyubna tangtuna oge boga kamonésan séwang-séwangan.

"Nu utama urang, generasi ngora kudu boga kacintaan kana kasenian jeung kabudayaan daérahna," ceuk Rika nu taun 2016 nyieun pilem seni tradisi Majalengka nu ampir leungit, "Gemerincing Kedempling".

Generasi ngora Majalengka mibanda tanggungjawab pikeun ngarojong program pamaréntah Kabupatén Majalengka lantaran hasilna keur kapentingan maasarakat.

Baca Juga: DPRD Ingatkan Pemda Lebih Proaktif Dalam Tingkatkan SDM Jelang Pelaksanaan SKE.

"Pikeun promosi wisata jeung penerbangan di Kabupaten Majalengka perlu dirojong ku média, katut seni budaya sangkan wisatawan tambah tibelat," ceuk Rika nu karya pilemna "Salam dari Anak-Anak Tergenang" kungsi kaasup Pinilih di FFI taun 2016.

Halaman:

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x