PBB Diistrenan di Kabupaten Majalengka

- 28 September 2020, 13:37 WIB
Pengukuhan Dewan Pengurus Cabang (DPC) PBB Kabupaten Majalengka, rengse diistrenan, di Gedong Serbaguna GKP Cideres, Kacamatan Kadipaten, Minggu 27 September 2020.
Pengukuhan Dewan Pengurus Cabang (DPC) PBB Kabupaten Majalengka, rengse diistrenan, di Gedong Serbaguna GKP Cideres, Kacamatan Kadipaten, Minggu 27 September 2020. /Portal Majalengka/Pikiran Rakyat/Andra Adyatama

PORTAL MAJALENGKA - Paguyuban nu sailaharna ngadeg atawa tembong di "Kota Angin" Majalengka hususna, Jawa Barat umumna, nyaeta mangrupa Paguyuban Kasundaan.

Lain  halna nu ngadeg danget iyeu nyaeta nu diistrenana Paguyuban masarakat Batak, nu aya di wewengkon Kabupaten Majalengka.

Dumasar Surat Keputusab (SK) Pemuda Batak Bersatu (PBB) No.10/DPD PBB/SKEP/lX/2020, ngeunaan Pengukuhan Dewan Pengurus Cabang (DPC) PBB Kabupaten Majalengka, rengse diistrenan, di Gedong Serbaguna GKP Cideres, Kacamatan Kadipaten, Minggu 27 September 2020.

Baca Juga: Ganjar Pranowo Sampaikan Rasa Simpati Atas Pencopotan Kapolsek Tegal Selatan

Teu kurang ti tilu ratus urang pangurus jeung anggota PBB, ngaluuhan dina acara ngistrenan oge ngucapkeun ikrar pangurus, lumangsung kalayan hikmad.

Diluuhan oge ku Muspika Kacamatan Kadipaten, organisadi katut ormas nu aya di Kabupaten Majalengka, diantarana, Laskar Merah Putih (LMP), Pemuda Pancasila, Gerakan Indonesia Raya (GRIB), KNPI, LSM GMBI, LSM Penjara Indonesia, jeung sajabana.

Ketua DPD PBB Jawa Barat, Wasinton Simanjutak, ngistrenan sacara langsung.

Baca Juga: Tidak Kebagian BLT UMKM? Ini Cara Baru Untuk Dapat Bantuannya!

Ketua DPC PBB Kabupaten Majalengka, Julius Maradu Tua Sianturi, SE netelakeun kasiapanna piken ngamumule sarta motekarkeun  organisasi PBB, kaasup para pangurus Kabupaten Majalengka.

Hal eta saluyu jeung amanat AD/ART PBB.

"Sangkan urang sakumna tiasa ngadugikeun aspirasi masarakat nu aya di auban Kabupaten Majalengka, sarta mampuh jadi kontrol sosial di masarakat Kabupaten Majalengka," ceuk Julius Maradu Tua Sianturi.

Baca Juga: Pria 26 Tahun Nikahi Luna Maya Berusia 62 Tahun

Pokna deui, tugasna PBB nyaeta ngalaksanakeun sarta ngutamakeun kapentingan masarakat,  satuluyna ngarojong sakumna program pamarentah nu mihak karaharjaan rayat.

Dina hal iyeu, salaku pangurus katut anggota PBB Kabupaten Majalengka sangkan mertahankeun aspek hukum dina ngalaksanakeun roda organisasi, sarta ulah nepi migawe tindakan nu teu parok jeung hukum nu aya di Indonesia.

Ngajaga ngariksa hubungan nu hade, harmonis jeung Pamarentah Daerah Kabupaten Majalengka, masarakat, sarta organisasi, pon kitu deui LSM  nu aya di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Hapus Sistem Kelas BPJS Kesehatan, Ini Besaran terbaru Iuran yang Harus Dibayar!

Hal nu sarua disebutkeun ketua PPD Jawa Barat, Wasinton Simanjuntak, yen organisasi PBB Kabupaten Majalengka sangkan bisa bersinergi jeung sakumna elemen masarakat pon kitu deui pamarentah.

"PBB saestuna teu ngabeda-bedakeun suku, atawa agama, nu utama tiasa sauyunan, sabobot saigel sapihanean," pokna.

Salah saurang pangurus PBB, Widang Pers jeung Media, Albaiq Lumbatoruan, netelakeun yen ngadegna PBB di Kabupaten Majalengka bakal motekar saluyu semboyan organisasi, nyaeta, toleransi, solidaritas, sarta gotong royong nu ngaraketkeun tali silaturahmi antara warga suku Batak, boh pendatang pon kitu deui nu geus netep hirup kumbuh di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Iwan Bule : Target Juara di Piala AFF 2021

"Dina kapangurusan PBB ieu, lain saukur sagama wae, sabab di Suku Batak oge aya sababaraha agama saluyu agama nu aya di Indonesia. Sanajan beda agam nu utama sauyunan, pengkuh dina pamadegan pikeun ngamumule organisasi PBB pikeun karaharjaan, anggota tur sakumna masarakat nu aya di Kabupaten Majalengka," ceuk Albaiq.***

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x