Patroli Dialogis Sat Sabhara Polres Majalengka Himbauan 3M jeung Protokol Kasehatan

- 2 September 2020, 08:07 WIB
Sat Sabhara Polres Majalengka ngalaksanakeun Patroli Himbauan 3M jeung Protokol Kasehatan ka masarakat, Rebo 2 September 2020.
Sat Sabhara Polres Majalengka ngalaksanakeun Patroli Himbauan 3M jeung Protokol Kasehatan ka masarakat, Rebo 2 September 2020. /Ayank R Sambara

PORTAL MAJALENGKA - Dina raraga penerapan adaptasi kebiasaan baru  (AKB), Patroli Diologis Sat Sabhara Polres Polres Majalengka terus terusan mere himbauan 3M (Memakai Masker, Mencuci Tangan, Menjaga Jarak).

Salian ti eta oge protokol kasehatan ka masarakat di wewengkon Kabupaten Majalengka, Rebu 2 September 2020.

Pikeun nyegah Covid-19 sangkan teu sumebar deui,  himbauan 3M jeung protokol kasehatan dilaksanakan di sababara tempat.

Baca Juga: Novel Baswedan Lewati Fase Kritis Pasca Positif Covid-19

Malahmandar ayana  riungan pon kitu deui kagiatan sejenna nu ngabalukarkeun karamaean di masarakat.

Saperti di swalayan, pertokoan, Bank, taman bermain jeung lianna nu aya di Wewengkon Kabupaten Majalengka.

Kapolres Majalengka  AKBP Dr.Bismo Teguh Prakoso ngaliwatan Kasat Sabhara Polres Majalengka AKP Erik Riskandar, netelakeun kiwari  sakumna masarakat dina kaayaan nu teu tenang, sabab kiwari Majalengka dina kaayaan ngaronjatna jumlah Pasen Covid-19.

Baca Juga: Dari Penggeledahan BMW Jaksa Pinangki, Penyidik Kejagung Amankan Satu Buah Plat Nomor

“Anapon kitu dina penerapan adaptasi kebiasaan baru kuring saparakanca bakal terus ngalaksanakeun usaha pencegahan mangrupi masihan himbauan atanapi umajak ka masarakat sangkan tetep nurut kana anjuran pamarentah sarta nerapkeun protokol kasehatan pikeun memutus mata rantai penyebaran wabah Covid-19," ceuk Kasat Sabhara.

Halaman:

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x