Milangkala Polwan Ka-72 di Usum Covid-19 Kapolres Majalengka Mingpin Syukuran Sacara Virtual

- 1 September 2020, 15:03 WIB
Milangkala Polwan Ka-72, Kapolres Majalengka Mingpin Syukuran Sacara Virtual, di Aula Sindangkasih, Polres Majalengka, Salasa (1/9/2020).
Milangkala Polwan Ka-72, Kapolres Majalengka Mingpin Syukuran Sacara Virtual, di Aula Sindangkasih, Polres Majalengka, Salasa (1/9/2020). /Ayang R Sambara

PORTAL MAJALENGKA - Sajarah kalahiran Polisi Wanita (Polwan) di Indonesia teu jauh beda jeung proses kalahiran  Polisi Wanita sejenna, nu ngalaksanakeun tugas dina nyanghareupan sarta panalungtikan kasus kajahatan nu ngalibetkeun kaum wanita, boh korban pon kitu deui palaku kajahatan.

Polwan di lndonesia lahir 1 September 1948, di Kota Bukittinggi, Sumatra Barat, nalika Pamarentah Darurat Republik Indonesia (PDRI) nyanghareupan Agresi Militer Belanda ll.

Dimana kajadian pangungsian gede-gedean, lalaki, awewe, oge budak ninggalkeun padumukanana pikeun ngajauhan pangperangan.

Baca Juga: Keterkaitan Kodasari dan Nunuk Maja

Pikeun nyegah kajadian panjahat nyamuni saru jeung masarakat, panyusup kudu dipariksa ku pulisi.

Anapon kitu pangungsi awewe teu daek dipariksa boh kitu deui digaradah sacara langsung ka awakna ku pulisi lalaki.

Pikeun  nyiar jalan kaluar masalah eta, Pamarentah Indonesia marentahkeun SPN (Sekolah Polisi Negara) Bukittinggi pikeun muka "Pendidikan Insfektur Polisi" kaum awewe.

Baca Juga: Munjul dan Penyerangan Pasukan Mataram ke Batavia

Sarengsena ngaliwatan seleksi kapilih 6 (genep) urang mojang nu sakabehna teureuh Minangkabau oge asalna ti Ranah Minang nyaeta; Mariana Saanin Mufti, Nelly Pauna Situmorang, Rosmalina Pramono, Dahniar Sukotjo, Djasmaniar Husein, jeung Rosmalia Taher.

Halaman:

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x