Usum Covid-19 Sat Reskrim Polres Majalengka Ngungkab Judi Togel Online

- 25 September 2020, 13:27 WIB
Kapolres Majalengka, AKBP Bismo, Teguh Prakoso jeung Kasat Reskrim AKP Siswo DC Tarigan, dina Konsfrensi Pers, ngungkab kasus judi togel online, Jum'ah (25/9/2020).
Kapolres Majalengka, AKBP Bismo, Teguh Prakoso jeung Kasat Reskrim AKP Siswo DC Tarigan, dina Konsfrensi Pers, ngungkab kasus judi togel online, Jum'ah (25/9/2020). /Portal Majalengka/Pikiran Rakyat/Andra Adyatama

PORTAL MAJALENGKA - Ampir sataun lilana nagara sa-alam dunya kaserang Wabah Corona Virus Disease-19 (Covid-19), nyaeta hiji ngaran virus corona anyar nu mucunghul di paningtung taun 2019, nyaeta di Kota Wuhan Cina.

Ti Cina terus nyebar ka ampir kabeh nagara sakuliah dunya, kaasup Indonesia. Nepi ka kiwari tacan suda, sakumna masarakat boh rahayat leutik oge pangusaha badag keuna ku balukarna hama korona eta.

Tangtuna wae ngabalukarkeun sudana oge ekonomi pikeun ràhayat. Eyeub nu nyiàr rejeki ku cara miluan judi boh sabangsana.

Baca Juga: Guru Besar UGM Prediksi Covid-19 di Indonesia Berakhir 2021

Baca Juga: Kemendes PDTT Kucurkan Dana Rp30,7 triliun Untuk Program Padat Karya Tunai Desa (PKTD)

Polres Majalengka sakses ngungkab kasus judi togel online nu dipigawe ku dua urang inisial LS (48) asal Kacamatan Kadipaten, selaku pangeber jeung WS (27) asal Kacamatan Jatiwangi, salaku nu masang.

Kapolres Majalengka, AKBP Bismo, Teguh Prakoso jeung Kasat Reskrim AKP Siswo DC Tarigan, dina Konsfrensi Pers, netelakeun yen dina ngungkabna kasus iyeu Sat Reskrim Polres Majalengka nyita barang bukti mangrupa handphone, ATM, buku tabungan, tangkap layar (screenshot) bukti pamasangan, oge duit tuney sajumlah tilu ratus lima puluh rebu perak (RP. 350.000).

"Dina ngalaksanakeun aksi iyeu, LS kabagian tugas salaku pangeber, nu nawarkeun ka nu masang pikeun nàmpa pamasangan angka nu satuluyna di daptarkeun ku LS ngalangkungan website nu tos disayogikeun," ceuk AKBP Bismo Teguh Prakoso jeung Kasat Reskrim AKP Siswo DC Tarigan dina konferensi pers, Jum'aht 25 September 2020.

Baca Juga: Mudahnya Bayar Tagihan Rumah Selama di Rumah Aja

Halaman:

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x