PORTAL MAJALENGKA - Satreskrim Polres Majalengka sakses ngamankeun hiji ti opat buronan dina kasus pembegalan treuk tronton nu ngangkut 35 ton kacang kadele, Senen 28 September 2020.
Kapolres Majalengka, AKBP Bismo Teguh Prakoso jeung Kasat Reskrim AKP Siswo DC Tarigan, netelakeun yen warga asal Kota Bandar Lampung inisial S (45) iyeu diamankan ku Sat Reskrim Polres Majalengka nalika dirina keur ngamankeun diri di Kota Tasikmalaya.
"Nalika dilaksanakeun newak tersangka satekah polah ngalawan patugas, malahmandar tersangka dihadiahan timah panas," ceuk AKBP Bismo, ka wartawan nalika konferensi pers.
Baca Juga: Terkait Protokol Kesehatan, Silaturahmi Akbar KAMI di Surabaya Dibubarkan
Baca Juga: Mau Tahu Pilkada yang Banyak Disorot Media? Ini Datanya
Pembegalan nu ngalantarankeun perlayana supir treuk tronton PT Surya Permata Abadi iyeu diduga aya indikasi gawe bareng antara supir jeung tersangka saanggalna.
"Numutkeun pangangken tersangka inisial S iyeu, si supir (Alm) kungsi negosiasi harga kadele sareng kaopat tersangka tampa kauninga ku perusahaan," ceuk AKBP Bismo.
Disebutkeun AKBP Bismo, anapon kitu dina obrolan supir jeung tersangka kungsi aya pagentreng ngeunaan pasualan harga nu ngajadikeun penganiayaan ka supir treuk tronton eta.
Baca Juga: Perda Terakait Penanganan Covid-19 di Jabar Segera Ditetapkan
Baca Juga: Pengamat: Ahok Tak Cocok Jadi Pejabat Publik
"Sarengse kajadian nemahan pati, saterasna treuk eta disetiran ku tersangka, antukna aranjeunna (tersangka) ngical kacang kadele nu diangkut ku treuk tronton eta ka penadah nu aya di Cisambeng, Majalengka," ungkab AKBP Bismo.
Pokna deui, pikeun sagala nu dipigawe ku tersangka ditibanan ku pasal 340 KUHP Jo 338 KUHP Jo 365 ayat 3 KUHPidana.***