PORTAL MAJALENGKA - Nu maling TBG (Tower Bersama Grup) kajadian di wewengkon Kecamatan Banjaran, Kabupaten Majalengka Poe Senen (21/09/2020) sababaraha waktu katukang.
Menara tower milik Tri jeung Indosat jadi inceran palaku nu diduga jumlahna opat.
Kapolres Majalengka, AKBP Bismo Teguh Prakoso jeung Kasat Reskrim AKP Siswo DC Tarigan, di acara Konsferensi Pers, nyebutkeun yen aksi pembobolan eta kaungkab nalika perwakilan PT. Indosat jeung PT. H3i (Tri), Deni Ermawan salaku pengelola tower, laporan ka Polsek Banjaran, Jum'ah 25 September 2020.
Baca Juga: Mudahnya Bayar Tagihan Rumah Selama di Rumah Aja
"Ti katerangan pelapor, anjeunna kenging inpormasi ti grup WA ayana gangguan teknis dina tower. Satuluyna diroris sarta ngecek tower nu aya di Desa Cimeong. Anjeunna ngecek ka lokasi panto pager, tower tos kabuka tur barang-barang di tempat nyimpenna batre tos teu aya," ceuk AKBP Bismo.
Modus ngaruksak konci gembok pager tower sarta ngajebol tempat neundeun batre katut saperangkat UBPP nu dipibanda ku operator Tri jeung opat siki batre, sarta 2 siki perangkat UBPP, 1 UMPT jeung 6 siki SFP nu operator Indosat.
Baca Juga: Pengamat Intelijen Berharap Gatot Bisa Ungkap Data Orang yang Selama Ini Dicurigai Sebagai PKI
Kapolres Majalengka AKBP Bismo netelakeun dina kejadian iyeu ditaksir pihak perusahaan kiwari meunang karugian nepi opat belas juta lima ratus rebu rupiah jeung Karugian PT. Indosat kiwari kira-kira ngalaman karugian anu lobana Rp.10.000.000 sarta PT. H3i (Tri) ngalaman karugian Rp. 4.500.000.
Baca Juga: Hadapi Bosnia, Tae-yong Rotasi Pemain