Kejari Majalengka Malire ka Wartawan, Masrahkeun Sembako jeung Masker

- 5 September 2020, 16:10 WIB
Kepala Kejaksaan Negeri (Kejari) Kabupaten Majalengka masrahkeun paket sembako jeung masker pikeun wartawan, di Balong Komplek Neglasari Kabupaten Majalengka, Jum'ah 4 September 2020.
Kepala Kejaksaan Negeri (Kejari) Kabupaten Majalengka masrahkeun paket sembako jeung masker pikeun wartawan, di Balong Komplek Neglasari Kabupaten Majalengka, Jum'ah 4 September 2020. /Portal Majalengka/

Kapala Kejari Majalengka, H. Dede Sutisna, netelakeun, di sajeroning pandemi Covid-19, sakumna elemen masarakat keuna balukarna, pon kitu deui wartawan nu ngalaksanakeun profesina mangrupa kritik sosial oge inpormasi ka masarakat.

"Wartawan oge manusa, dina hal iyeu aranjeunna mibanda tanggelwalet pikeun kulawargana. Ironisna wartawan nu nyangking tugas luar biasa iyeu, ampir kaluli luli ti perhatosan pamarentah di usum wabah Civid-19 iyeu," pokna.

Baca Juga: Cari Wisata Edukasi? Datang ke Rajagaluh Majalengka!

"Ngeunteung kana kajantenan kiwari, simkuring katut rengrengan Kejari Majalengka hoyong  masihan rejeki sasieureun sabeunyeureun pikeun Jurnalis Majalengka," ceuk Kapala Kejari Majalengka, Dede Sutisna nu mibanda teureuh ti Majalengka.

Dipiharep Kajari, Sembako oge masker iyeu, bisa ngabantu kabutuhan hirup wartawan dina usum korona sarta situasi sarwa kakurangan. "Bantosan iyeu teu kengin ditingali ageung boh alitna, dipiharep tiasa ngemutan institusi sanesna sangkan malire ka wartawan," pokna.***

Halaman:

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x