Polres Majalengka Antisipasi Buruh Mogok Nasional

- 6 Oktober 2020, 06:00 WIB
Kapolres Majalengka AKBP Dr.Bismo Teguh Prakoso mingimpin langsung Upacara Sinegritas Antisipasi Mogok Nasional Buruh Tingkat Kabupaten Majalengka, di pakarangan  Mako Polres Majalengka, Senen 5 Oktober 2020.
Kapolres Majalengka AKBP Dr.Bismo Teguh Prakoso mingimpin langsung Upacara Sinegritas Antisipasi Mogok Nasional Buruh Tingkat Kabupaten Majalengka, di pakarangan Mako Polres Majalengka, Senen 5 Oktober 2020. /Portal Majalengka/Pikiran Rakyat/

PORTAL MAJALENGKA - Kapolres Majalengka AKBP Dr Bismo Teguh Prakoso mingppin langsung Upacara Sinegritas Antisipasi Mogok Nasional Buruh Tingkat Kabupaten Majalengka di pakarangan Mako Polres Majalengka, Senen 5 Oktober 2020.

Upacara Sinegritas Antisipasi Mogok Nasional Buruh Tingkat Kabupaten Majalengka diluuhan ku Waka Polres Majalengka KOMPOL Sumari, Pasi Kodim 0617 KAPTEN Inf W Winggara, Kasat Pol PP Kabupaten Majalengka Drs H Iskandar, katu rengrengan PJU Polres Majalengka.

Salian eta, hadir oge Kabid PKB Dishub Kabupaten Majalengka Aditya Dwi P, Kabid Trantibum Sat. Pol PP Kabupaten Majalengka Wawan Anwar Sutisna, S.Sos. Sarta Personil gabungan ti Polres Majalengka, Sub Den POM III/3-5 Majalengka, Kodim 0617 Majalengka, Dishub, Sat. Pol PP Kab. Majalengka jeung Satpam nu jumlahna 150 personil.

Baca Juga: Manajemen Prakerja Rilis Layanan Aduan, Masyarakat Bisa Mengeluh

Baca Juga: Mau Dapat Listrik Gratis Dari PLNsampai Desember? Ini Cara dan Ketentuannya!

Kapolres Majalengka AKBP Dr Bismo Teguh Prakoso ngadugikeun amanatna Salaku Pingpinan ti Polres Majalengka katut Bhayangkari ngawilujengkeun Milangkala TNI ka-75, pamugi TNI langkung dipikacinta ku rayat.

"Kiwari pandemi Covid-19 langkung euyeub, oge ditingker ku zona beureum/cluster covid saperti Cirebon Kota katut Cirebon Kabupaten. Pon kitu deui urang sadayana sayaktosna ngantisipasi sumebarna Covid-19 eta sangkan teu sumebar di Wewengkon Kabupaten Majalengka," ceuk Kapolres Bismo.

Dina situasi kiwari urang sakumna kudu jadi conto dina ngalaksanakeun protokol kasehatan jeung mere himbauan sacara humanis ka masarakat. Hal eta pikeun ngajaga sumebarna Covid-19.

Baca Juga: Pelatihan Kartu Prakerja Offline, Insentif Jadi Naik Rp 5 juta

Baca Juga: Ikuti Langkah Pemerintah, Telkomsel Bagikan Kuota Gratis, Ini Cara Dapatnya!

"Sim kuring saestuna ngapresiasi saluhur-luhurna ka rerencangan nu atos ngalaksanakeun pendisiplinan protokol kasehatan hususon di tempat tempat karamean di auban Hukum Polres Majalengka.

Siaga Antisipasi Mogok Nasional Buruh

Pikeun antisipasi nyanghareupan mogok buruh, Poe Senen, 5 Oktober 2020, dilaksanakeun Upacara Sinegritas Antisipasi Mogok Nasional Buruh Tingkat Kabupaten Majalengka. Sayatina kagiatan aksi eta rencanana bakal dilaksanakeun di Jakarta ngeunaan RUU Omnibus LAW.

Kapolres Majalengka AKBP Dr. Bismo Teguh Prakoso, dina sambutanna, yen pikeun antisipasi mogok buruh nasional di Kabupaten Majalengka, sainyana kudu siap siaga dina ngantisipasi sagala rupa nu ngabahayàkeun kamtibmas.

Baca Juga: Pemerintah Siapkan Bantuan BLT Dana Desa Rp 13 Triliun, Begini Cara Dapatnya!

Baca Juga: Melalui JPS Kemenaker Canangkan Program Tenaga Kerja Mandiri dan Program Padat Karya

"Salian eta urang sadayana sangkan ngalaksanakeun pengamanan di tempat tempat saperti pabrik katut jalur alteri. Hal iyeu antisipasi mobilisasi masa pikeun ngalaksanakeun aksi ka Jakarta, sangkan pungsi Binmas sarta Intelijen ngalaksanakeun tugasna salaku perhatosan, oge salaku aparat nagara, hususon ka serikat buruh/ pekerja dina raraga antisipasi aksi mogok nasional buruh tingkat Kabupaten Majalengka," ceuk Kapolres AKBP Bismo Teguh Prakoso.

Rangkenan kagiatan jam 08.15 lumangsung kalayan aman sarta lancar. Satuluyna palaksanaan patroli sekala badag ka jalur alteri sarta ngecek pabrik - pabrik di auban hukum Polres Majalengka dina raraga Antisipasi Aksi Mogok Nasional Buruh tingkat Kabupaten Majalengka.***

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah