Ratusan Pamilon  Tandang  Pameran Bonsai di Kabupaten Majalengka

- 24 Agustus 2020, 12:42 WIB
Wakil Bupati Majalengka Tarsono D Mardiana bareng Ketua PPBI Cirebon, Ketua Panitia Pameran Bonsai Arief Renaisant Karuni, Camat Jatitujuh lkin Asikin, Kades Panongan, ngaluuhan acara Pameran Bonsài di pakarangan Desa Panongan, Kacamatan Jatitujuh, Kab. Majalengka, Minggu (23/08/2020).
Wakil Bupati Majalengka Tarsono D Mardiana bareng Ketua PPBI Cirebon, Ketua Panitia Pameran Bonsai Arief Renaisant Karuni, Camat Jatitujuh lkin Asikin, Kades Panongan, ngaluuhan acara Pameran Bonsài di pakarangan Desa Panongan, Kacamatan Jatitujuh, Kab. Majalengka, Minggu (23/08/2020). /Ayank R Sambara/

Kawilang hade sarta ditata endah, nu antukna bonsai iyeu mibanda pangajen luhur oge nginspirasi anjeunna sarta pilosopina.

Sawatara Kapala Desa Panongan, Kacamatan Jatutujuh, Kabupaten Majalengka, Taufik, oge salaku pembina acara pameran bonsai, nyebutkeun anjeunna ngarasa puas duna palaksanaan kawilang hade.

"Hatur nuhun ka bapa Wakil Bupati Majalengka Tarsono D Mardiana, oge bapa Camat Jatitujuh Ikin Asikin anu tos nohonan dina acara pameran bonsai," ceuk Kades Taufik.

Dilukis ku Mata Batin

Perupa Majalengka, Ade Realism bari dipeungpeunan panonna ku iket, ngalukis Bonsai jeung Wakil Bupati Majalengka Tarsono D Mardina, di Desa Panongan, Kemis (23/08/2020).
Perupa Majalengka, Ade Realism bari dipeungpeunan panonna ku iket, ngalukis Bonsai jeung Wakil Bupati Majalengka Tarsono D Mardina, di Desa Panongan, Kemis (23/08/2020).

Saperti biasana tiap acara sok diauban ku seni lukis, nyaeta ti Perupa Majalengka, Ade Realism nfalukis ku mata batin.

Anjeunna ngalukis Bonsai dipadupadankeun jeung Wakil Bupati Tardono D Mardiana. Sanajan panonna dipeungpeunan ku sababaraha lapis iket, anjeunna teu ngatog tur hasil lukisanna kacida hadena.

"Dina hal iyeu nu digunakeun nganggo mata batin," ceuk Perupa Ade Realism.

Halaman:

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah