Ratusan Pamilon  Tandang  Pameran Bonsai di Kabupaten Majalengka

24 Agustus 2020, 12:42 WIB
Wakil Bupati Majalengka Tarsono D Mardiana bareng Ketua PPBI Cirebon, Ketua Panitia Pameran Bonsai Arief Renaisant Karuni, Camat Jatitujuh lkin Asikin, Kades Panongan, ngaluuhan acara Pameran Bonsài di pakarangan Desa Panongan, Kacamatan Jatitujuh, Kab. Majalengka, Minggu (23/08/2020). /Ayank R Sambara/

PORTAL MAJALENGKA - Sakumna nu mikaresep bonsai  atawa kerdil (pecekrek) tutuwuhan di Kabupaten Majalengka ngayakeun pameran bonsai nu diluluguan ku Perkumpulan Penggemar Bonsai Indonesia (PPBI), di pakarangan kantor Desa Panongan, Kacamatan Jatitujuh, Kabupaten Majalengka, Minggu 23 Agustus 2022.

Kagiatan nu temana "Pesona Bonsai Majalengka" iyeu diiluan ku ratusan pamilon ti sajumlah daerah di Jawa Barat.

Diantarana; Majalengka, Kuningan, Indramayu, Kabupaten Cirebon, Cirebon Kota, Sumedang, Garut, Subang, Bekasi, jeung Bandung.

Ketua Panitia Pameran Bonsai Majlengka, Arief Renaisant Karuni, netelakaeun, kagiatan pameran bonsai iyeu dilaksanakeun alpukahna nu mikaresep atawa hobi bonsai di wewengkon Majalengka.

Pon kitu deui ngogan pamilon ti sajumlah daerah nu aya di Jawa Barat.

"Kagiatan Pameran Bonsai  iyeu tos dirarancang sababaraha taun kapengker, anapon kitu nembe tiasa kalaksanakeu kiwari," ceuk Arief nalika ditepungan di acara panutupan Pameran Bonsai.

Dijelaskeun Arief, kagiatan pameran bonsai iyeu, dilaksanakeun salila tilu poe, ti mimiti tanggal 21-23 Agustus 2020 diiluan ku 485 pamilon. 

Ti ratusan pamilon eta aya tilu katagori atawa kelas, nyaeta kelas jadi 115, kelas medium 299 jeung kelas bahan sajumlah 71.

"Kagiatan iyeu dilaksanakeun tilu dinten, nyaeta dinten kahiji pendaptaran, dinten kadua penjurian, sarta dinten katilu pangumuman," pokna.

"Pameràn Bonsai iyeu munggaran dilaksankeun di Kabupaten Majalengka target 250 pamilon. Alhamdulillah tos ngalangkungan target ampir 50 persen,"  pokna.

Dipiharep, diayakeunna pameran iyeu jadi edukasi ka masarakat, hususon ka warga Majalengka sakuliahna.

"Kagiatan pameran bonsai iyeu tiasa numuwuhkeun ekonomi kreatip malahmandar tiasa nfahasiljeun niley ekonomi pikeun masarakat," ceuk Arief.

Ketua PPBI Cirebon, Uus ngarojong kagiatan iyeu . Malahmandar di Majalengka sanajan anyar ngalaksanakeu Pameran Bonsai, tapi pamilonna kac8da euyeubna nepi ka 485 urang.

"Kabupaten Majalengka tos waktosna ngadegeun komunitas PPBI," pokna

Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D Mardiana dina acara panutupan pameran bonsai, netelakeun, yen anjeunna ngapresiasi kagiatan nu kawilang edukatip sarta bisa ngahasilkeun niley ekonomi.

Hal ieu bisa jadi picontoeun masarakat sejenna, tur bisa ngarojong pangwangunan Kabupaten Majalengka Raharja.

"Simkuring kacida reueusna ku kamotekaran masarakat nu bisa nyiptakeun inovasi nu edukatip tur ngahasilkeun niley ekonomi. Pon kitu deui dina usum pandemi wabah Covid-19 kiwari, nagara sadunya katut Indonesia keur ngalaman krisis ekonomi," pokna.

"Ku ayana kagiatan positip saperti iyeu nyaeta solusi nu hade pikeun masarakat Majlengka hususna, Indonesia umumna," ceuk Wabup Tarsono nu deukeut jeung para komunitas, oge mikaresep seni budaya.

Masih ceuk Tarsono, anjenna ngapresiasi sakumna panyalagra, dina 7 poe bisa nyiapkeu pameran Bonsai katut lombana iyeu.

Kawilang hade sarta ditata endah, nu antukna bonsai iyeu mibanda pangajen luhur oge nginspirasi anjeunna sarta pilosopina.

Sawatara Kapala Desa Panongan, Kacamatan Jatutujuh, Kabupaten Majalengka, Taufik, oge salaku pembina acara pameran bonsai, nyebutkeun anjeunna ngarasa puas duna palaksanaan kawilang hade.

"Hatur nuhun ka bapa Wakil Bupati Majalengka Tarsono D Mardiana, oge bapa Camat Jatitujuh Ikin Asikin anu tos nohonan dina acara pameran bonsai," ceuk Kades Taufik.

Dilukis ku Mata Batin

Perupa Majalengka, Ade Realism bari dipeungpeunan panonna ku iket, ngalukis Bonsai jeung Wakil Bupati Majalengka Tarsono D Mardina, di Desa Panongan, Kemis (23/08/2020).

Saperti biasana tiap acara sok diauban ku seni lukis, nyaeta ti Perupa Majalengka, Ade Realism nfalukis ku mata batin.

Anjeunna ngalukis Bonsai dipadupadankeun jeung Wakil Bupati Tardono D Mardiana. Sanajan panonna dipeungpeunan ku sababaraha lapis iket, anjeunna teu ngatog tur hasil lukisanna kacida hadena.

"Dina hal iyeu nu digunakeun nganggo mata batin," ceuk Perupa Ade Realism.

Editor: Andra Adyatama

Tags

Terkini

Terpopuler