Asep Eka Mulyana, Tandang jadi Calon Ketua DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka

21 Agustus 2020, 05:40 WIB
Asep Eka Mulyana /

PORTAL MAJALENGKA - Pendaptaran calon Ketua DPD Partey Golkar di Musyawarah Daerah (Musda) X  Kabupaten Majalengka ditutup poe iyeu, Kemis 20 Agustus 2020.

Tandangna Wakil Ketua DPRD Majalengka, oge salaku Ketua DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka, Asep Eka Mulyana salaku calon ketua DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka, katut 2 pamilon sejenna ngaramekeun Musda X DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka.

Malahmandar, Asep daptar pangheulana ti pamilon lianna.

Baca Juga: Terbatasnya Personil Satgas Penindakkan. Ketua DPRD: Kesadaran Masyarakat Kunci Utamanya.

H. Asep Eka Mulyana, SP.,  netelakeun, yen anjeunna milu aub dina pencalonan Ketua DPD Partey Golkar , nyaeta ku euyeubna pangrojong nu lobana 90 persen soara ti nu ngarojongna.

"Tandangna simkuring di Musda X iyeu, alatan pangrojong ti unsur Wantim, pupuhu, pangurus oge kader Partey Golkar Kabupaten Majalengka," ceuk Asep, nalika ditepungan di padumukanna.

Asep nyangking kalungguhan salaku Ketua DPD Partey Golkar, oge Wakil Ketua DPRD Majalengka, sacara teu langsung incumben calon kuat.

Baca Juga: Nurhasan Tantang Presiden Soal Super Koridor Ekonomi Pantura

Hal iyeu mangrupakeun prestasi nalika mingpin partey katut wakil ketua di DPRD Majalengka ngahasilkeun Genep korsi dewan di Majalengka nu dicangkingna.

Salian ti eta, sababaraha pangleler ti puseur tina hasil perjoanganna mawa Golkar leuwih hade, sarta tembongna gender wawakil ti kaum istri nu jadi dewan.

Tangtuna wae nambahan prestasi pikeun Asep.

"Sakumna kader kedah solid, simkuring siap nyumponan katut sarat sarat nu ditetepkeun ku panitia Musda X iyeu," pokna.

Pikeun tempat, Asep miharep di Majalengka sabab bakal leuwih epektip pikeun wawakil pangurus nu bakal nyalurkeun hak soarana di Majalengka.

Sora nu milu ngeuyeuban dina Musda X nyaeta aya 37, diantarana ti PK 26 sora, sarta sesana ti wawakil ormas sayap Golkar jeung DPP.

Baca Juga: Kemerdekaan RI dan Tahun Baru Hijriyah; Milestone Kebangkitan Islam Keindonesiaan

Calon Ketua nu Ditetepkeun ku Panitia Musda X

Panitia Musda Partey Golkar

Ketua SC Musda X DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka, Memen Nuryaman, di acara panutupan pendaptaran calon ketua DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka, netelakeun ka wartawan sarta nu nohonan kagiatan eta.

Yen pembukaan bakal calon dibuka Poe Salasa 18 Agustus 2020, di sekretariat DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka, jam 10.00 nepi ka jam 17.00 WIB.

"Bakal calon kedah daptar langsung ka panitia, teu kenging diwakilkeun sabab aya pernyataan nu kedah langsung ditawis ku pamilonna,"ceuk Ketua SC Memen.

Ditambahkeun Memen, pamilon nu nyokot pormulir aya 3 urang, tapi nu masrahkeun pirmulir eta ngan saurang, nyaeta H. Asep Eka Mulyana, SP.

Pas jam lima sore, Kemis 20 Agustus 2020.

"Ditetepkeun yen Ketua DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka (incumben), H. Asep Eka Mulyana, SP., salaku calon tunggal pamilon calon Ketua DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka di Musda ka X iyeu," ceuk Ketua SC Musda X.

Pokna deui, Musda X iyeu bakal dilaksanakeun tanggal 25 Agustus taun 2020 di DPD Partey Golkar Provinsi Jawa Barat.

Hal iyeu nyaluyukeun situasi jeung kondisi Covid-19. Tangtuna wae kaputusan iyeu pikeun kahadean sarerea. Dina kagiatan Musda X di Bandung, tangtuna ngalaksanakeun protokol kasehatan.

Panitia Musda X DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka, diantarana; Memen Nuryaman, S.Ag., (ketua), Drs. H. Bambang Aris Nurdiana, M.Si., (sekretaris), David Rosidi, SE., (anggota), Chepi Kristianto Ependy, S.IP., (anggota), jeung Drs. H. Adi Sukmajaya (anggota).***

Editor: Andra Adyatama

Tags

Terkini

Terpopuler