Hadirna Bupati Majalengka Ngubaran Kakuciwaan LSM Penjara Indonesia

- 28 September 2020, 20:00 WIB
Bupati Majalengka, H. Karna Sobahi, ngaluuhan Milangkala nu ka-7 LSM Penjara Indonesia, lumangsung di Gedong Graha Sindangkasih, Ahad  27 September  2020.
Bupati Majalengka, H. Karna Sobahi, ngaluuhan Milangkala nu ka-7 LSM Penjara Indonesia, lumangsung di Gedong Graha Sindangkasih, Ahad  27 September 2020. /Portal Majalengka/Pikiran Rakyat/Andra Adyatama

Satuluyna, sakira jam 12.15 WIB, Bupati Majalengka, H. Karna Sobahi jeung Sekda katut rengrengan ngaluuhan kagiatan ka Gedong Graha Sindangkasih‎ dina raraga Milangkala LSM Penjara nu ka-7.

Bupati Majalengka, H Karna Sobahi, netelakeun yen anjeunna poe eta euyeub ku acara, nu ngalantarankeun tidak bisa hadir tepat waktu. Pihakna nuhunkeun dihapunten sacara pribadi.

"Hayu urang sadayana sauyunan tur sabeungkeutan dina sinergitas, kulantaran Majalengka lain milik bupati," ceuk Bupati Majalengka, H Karna Sobahi dina sambutanna.

Bupati mepelingan yen peranan LSM oge kudu berkontribusi ka rayat Majalengka. Pon kitu dipiharep LSM mana wae, kaasup LSM Penjara Indonesia sangkan mampuh mere nu hade ka masarakat.

"Hayu urang wangun Majalengka sasarengan, sabeungkeut sauyunan sabobot sapihanean. Sim kuring teu alergi kritik, tapi kedah disarengan ku solusi nu hade. Panto Pendopo dibuka pikeun sing saha wae nu seja nepungan sim kuring salaku Kapala Daerah," pokna.***

Halaman:

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x