Kadis Rumkintan Majalengka, Hj. Roppedah, S.Pd., MM., nyebutkeun bantuan kandaraan roda opat pikeun operasional kabutuhan taman, kawilang mangpaat.
Malahmandar dina situasi panas saperti kiwari taman katut tutuwuhan merelukan cai, nyaeta ku mobil operasional nguriling ka tiap taman nu aya di Kabupaten Màjalengka.
"Simkuring ngahatur nuhunkeun ka bapa Bupati Majalengka nu masihan bantosan kandaraan (mobil) operasional ka Dinas Rumkintan pikeun mirosea taman sangkan hegar tur jadi oksigen kota," ceuk Kadis Rumkin Roppedah.***