Majalengka Kota Sarebu Curug

- 29 Agustus 2020, 11:29 WIB
Curug Muara Jaya, Desa Argamukti Kecamatan Argapura Majalengka
Curug Muara Jaya, Desa Argamukti Kecamatan Argapura Majalengka /Portal Majalengka/Andra Adyatama

PORTAL MAJALENGKA - Kota 1000 (Sarebu) Curug mangrupakeun sebutan pikeun Kabupaten Majalengka kiwari.

Teu munasabah sabab euyeubna curug nu kawilang endah nu aya di wewengkon Majalengka jadi udagan wisatawan. Pon kitu deui ku ngadegna Bandara Internasional Jawa Barat (BIJB) di Kertajati.

Tinangtu potensi pariwisata alam jadi primadona pikeun ngarojong pangwangunan nu bisa ngaronjatkeun karaharjaan masarakat Majalengka.

Baca Juga: Jadwal Pencairan Tahap Dua BLT Rp 600 ribu, Cek Nama Anda Disini

Gubernur Jawa Barat, Ridwal Kamil, ngapresiasi kabeungharan curug nu aya di Kabupaten Majalengka.

Pon kitu deui anjeunna kataji waktu ningali kaos nu aya gambar katut tulisan 'Kota Sarebu Curug' dipake  ku salah saurang wartawan nalika liputan.

"Kaosna sae, payus pisan sareng gambaran Majalengka Kota Sarebu Curug," ceuk Gubernur Ridwal Kamil ka simkuring nu make kaos 'Kotà Sarebu Curug', sababraha waktu katukang.

Baca Juga: Ridwan Kamil Masih tak Rela Bioskop Dibuka

Numutkeun Bupati Majalengka, H Karna Sobahi, dina satiap kasempetan sababaraha waktu katukang, nyebutkeun yen di Kabupaten Majalengka beunghar ku wisata alam jeung hasil bumi.

Wisata alam di Majalengka teu eleh ku daerah sejen, oge nagara deungeun.

Diantarana aya panorama Punclut Sawiah, Gunung Panten, Paralayang, Green Canyon Air Tawar, Terasering Panyaweuyan.

Baca Juga: BLT Dana Desa Tahap Dua, Akan Disalurkan Bertepatan Kunjungan Mentri Desa ke Majalengka

"Kabupaten Majalengka nu baheulana kapeto Kota Pangsiunan, kiwari kakoncara minangka wewengkon nu prospektif pikeun motekarkeun pariwisata," pokna.

"Pon kitu deui ngajanggelekna BIJB di Kertajati, Majalengka bakal loba wisatawan ti daerah sejen katut nagara deungeun," ceuk Karna.

Lain halna numutkeun Wabup Majalengka, Tarsono D Mardiana, SSos dina ngaluuhan workshop Tenun Buhun Gadod nu bahanna tina kapas honje, di Desa Nunuk Baru, Kacamatan Maja, sababaraha waktu katukang, ngapresiasi tekad Pemkab Majalengka pikeun ngajadikeun pariwisata jadi sektor pangwangunan ekonomi.

Baca Juga: Kades Minta BLT Dana Desa Tahap Dua Segera Dicairkan

Ngawujudna Bandara Internasional Jawa Barat di Kertajati mangrupakeun lolongkrang pikeun masarakat Majalengka jeung sakuliàhna. Kahareupna bakal rame didatangan ku semah ti luar nagri, beh dieu Majalengka kudu boga ikon nu bakal dipikawanoh ku wisatawan

"Tenun Buhun Gadod ieu mangrupakeun niley kearipan lokal nu adi luhung. Kulantaran kitu butuh rojongan ti pamarentah oge stakeholder pariwisata sangkan bisa di mumule, diriksa, sarta dimotekarkeun," ceuk Tarsono.

Dina hal ieu Majalengka mibanda pangirut pikeun wisatawan sangkan betah lar sup ka tujuan wisata.

Baca Juga: Kades Minta BLT Dana Desa Tahap Dua Segera Dicairkan

Oge mulangna bisa mawa oleh-oleh ciri has Majalengka, boh mangrupakeun cindera mata atawa kadaharan, kecap Majalengka, katut bungbuahan kayaning jambu kristal, buah gedong gincu, jeung kerajinan anyaman boboko, jeung sajabana.

Sawatara Kapala Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan Majalengka, Hj Lilis Yuliasih, ngaliwatan Kabid Parbud, Adi Setya Putra, ngajentrekeun yen masarakat Majalengka kudu ngarasa reueus mibanda sebutan "Kota 1000 Curug".

Baca Juga: Pelaku Usaha dan UMKM butuh Perlindungan Pemerintah

Diantara nyaeta; Curug Salak, Curug Goong, Curug Mahpar, Curug Akar, Curug Baligo, Curug Emas, Curug Ibun, Curug Cilutung, Curug Muara Jaya, Curug Cipeuteuy, Curug Sawer, Curug Sempong, jeug saterusna.

"Sangkan bisa ngawujudkeun Majalengka jadi Kota Wisata jeung Penerbangan, sakabeh masarakat kaasup pangurus tempat wisata, oge generasi ngora kudu sabeungkeutan ngarojong pariwisata Majalengka, sangkan bisa ngaronjatkeun perekonomian," ceuk Tarsono ka waktu ditepungan di kantorna.***

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah