Tantri Dua Entragan Nyangking Kalungguhan Ketua PAC PDl-Perjuangan Majalengka

- 22 Agustus 2020, 10:35 WIB
Ketua DPC PDIP Kabupaten Majalengka
Ketua DPC PDIP Kabupaten Majalengka /Tim Portal Majalengka/

PORTAL MAJALENGKA - Mapag pesta demokrasi dua taunan deui, partey pulitik pakepuk pikeun tatahar ngalaksanakeun pamilihan pangurus boh di tingkat kabupaten pon kitu deui tingkat kacamatan.

Saperti halna Partey PDI Perjuangan Majalengka ngalaksanakeun Musyawarah Anak Cabang (Muscab) di 26 kacamatan di Kabupaten Majalengka.

Musyawarah Anak Cabang (Muscab) Kacamatan Majalengka rengse dilaksanakeun di sekretariat DPC PDl Perjuangan Kabupaten Majalengka.

Hal eta pikeun milih Ketua PAC Kacamatan Majalengka dina raraga nyusun kapangurusan anak cabang salaku konsolidasi organisasi, Kemis 20 Agustus 2020 kalangkung.

Baca Juga: Asep Eka Mulyana, Tandang jadi Calon Ketua DPD Partey Golkar Kabupaten Majalengka

Muscab iyeu diluuhan langsung ku Ketua DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka Karna Sobahi oge nyangking kalungguhan Bupati Majalengka.

Salain eta, Wakil Ketua DPRD Provinsi Jawa Barat oge Bendahara DPD PDl Perjuangan Provinsi Jawa Barat Ineu Purwadewi, Abdy Yuhana salaku aggota DPRD Provinsi Jawa Barat, sarta rengrengan PAC Kacamatan Majalengka katut Anak Ranting sa-Kacamatan Majalengka (ketua, sekretaris, bendahara).

Alumni Taruna Bakti Bandung oge Universitas Majalengka (Unma) iyeu, dua entragan di gedong parlemen Majalengka (komisi 4), Tantri kapilih deui jadi Ketua PAC Majalengka dua entragan ti taun 2014-2019, satuluyna taun 2019-2024.

"Dina usum Covid-19 kiwari tangtuna wae kagiatan ieu dilaksanakeun ngangge protokol kasehatan. Alhamdulillah simkuring masih dipercanten dua entragan mingpin PAC Kacamatan Majalengka," pokna.

"Hatur nuhun ka 14 anak ranting sa-Kacamatan Majalengka anu salami iyeu ngarojong simkuring. Hayu sabeungkeutan ngengingkeun satiap momen pulitik, boh di tingkat kabupaten, provinsi pon kitu deui nasional," ceuk Tantri nalika ditepungan di padumukanna, Saptu 22 Agustus 2020.

Politisi awewe nu kungsi nyangking sora panglobana (8.991 sora) di dapil tilu di pileg 2014 katukang, nyebutkeun Muscab iyeu mangrupakeun sidang pangluhurna partey.

Pon kitu deui iyeu mangrupakeun agenda lima taunan, sarta berjoangna rengrengan pangurus PAC katut anak ranting.

"PDl Perjuangan nyaeta partey nu mihak ka rayat leutik, partey nu kedah ngarengsekeun pasualan di lebet masarakat," ceuk Tantri.

Pon kitu deui kiwari dina pandemi wabah Covid-19. Sababaraha rupi bantosan sosial tos disanggakeun ka masarakat," pokna.

Disebutkeun Tantri, dina mingpin PAC Kacamatan Majalengka, anjeunna katut rengrengan pangurus mibanda tugas pikeun meunangkeun satiap momen pulitik.

Tatan tatan mapag pilkada nu bakal datang taun 2022. Oge momen pulitik sejenna kudu unggul.

"Alhamdulillah pikeun Kacamatan Majalengka dina momen momen pulitik tos ngalangkungan target dugi ka 52 persen dicangking ku PDl Perjuangan. Iyeu buktos nyata PAC Kacamatan Majalengka," ceuk Tantri.

Kiwari euyeub gender nu nempatan posisi strategis, boh di pamarentahan, pulitik sarta posisi sejenna. Ngeunaan target pulitik tetep sumanget manggung di dunya pulitik pikeun mere kelir di Kabupaten Majalengka.

"Saupami masarakat masih miharep sarta masihan kapercantenan ka simkuring, tangtuna wae bakal tetep manggung di dunya pulitik," pokna mungkas obrolan.***

Editor: Andra Adyatama


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah